Mar 23, 2007

Hartina Ngajodo

Ari pendapat urang mah kieu yeuh:

Dina kamus disebutkeun ari hartina NGAJODO teh yaeta rarabi (carogean atawa garwaan) atawa kawin jeung ...

Jadi bisa disebut nu ngarana JODO lamun eta lalaki/awewe geus sapuk dina hiji ikeutan pernikahan. Dina basa lain ari JODO nyaratkeun ayana perkawinan heula. Jadi lamun masih bobogohan keneh mah can bisa disebut NGAJODO, da boa teuing kawin na mah jeung batur.
Lamun kitu ... nu kawin jeung sababaraha istri (poligami tea) nya jodona ngungkung ka kabehanana lain kahiji pamajikan. Mun teu salah engke jaganing pageto ... di nagri kalanggengan, lamun salah saorang jeung pamajikan2na lolos ka surga ... nya nu jadi bidadari2 na teh pamajikan manehna waktu di dunya.

Saterusna, nu ngarana JODO mah langgeng sifatna nu teu langgeng mah jalmana. (Rada lieur nya ... he3x). Kulantaran JODO mah langgeng ... mangkana kudu bisa saling ngisi, saling ngarti, silih asih jeung asuh (jadi ingeut laguna Doel Sumbang "Pangandaran") dina wangun rumah tangga. Lamun geus kitu mah Insya Allah sanajan ka ombang ambing ku dodoja oge ... bakal langgeng ... nya NGAJODO tea.

Kitu tah!

Mangga ah ... bade sapuk atanapi nolak teu sawios2.

Wins,
Coba geura teangan situs2 bahasa Sunda:
siga
Jamparing Online http://lssitb.f2o.org/
http://www.sundanet.com/
http://urangsunda.net/


Sakitu we heula
Fr Batam w/ Love

Jodo atawa Jodo...?

Sanggeus maca 2 posting terakhir aya 3 pertanyaan anu muncul di benak urang :

Kahiji.
Ari nu disebut "jodo" dina pernikahan teh...apakah bisa diartikeun sebagai wanita anu geus syah dinikahi ku urang2 lewat proses ijab kabul?...jeung ari nu ngarana "jodo" sabenerna boga makna tunggal atawa jamak? Ku sabab mun urang-urang menikahi lebih dari 1 wanita, mana nu disebut jodo teh?salah sahiji na atawa kabehanana?...

Kadua.
Ari nu disebut "jodo" teh boga masa waktu tertentu teu?...kusabab jelema anu menikah terus disebutkeun yen pasanganana"jodona", jeung pada suatu saat cerai, apakah masih bisa disebut sebagai jodona atawa heunteu?....sabab mun boga masa waktu berarti...bisa jadi urang teh ayeuna sabenerna boga jodo-jodo anu lain anu can datang??...

Katilu
Kanggo kang zae...sanggeus maca posting nt...ternyata loba keneh perbendaharaan kata basa sunda anu urang can pernah ngadenge pisan....he3x. Teuing urangna anu teu gaul atawa emang kata2 nu dipake jarang kaluar dina wayah ayeuna?...

Sakitu heula ti sim kuring...

nu masih udar-ider Jakarta-Bandung

Mar 22, 2007

edan euy...

Judul di luhur urang tulis lain lantaran ngambek atawa illfeel...tapi urang mah kagum euy jeung bangga ka tulisan si kang Zae. Bener2 ternyata menang tapa di Batam rea pisan hahasilan nana. Beda euy ayeuna mah...Salain leuwih subur (maksud urang teh gendut jeung makmur...) ternyata lebih Wise (maksud urang teh naon nya poho deui...)
Tapi bener urang mah maca sakalimat sakalimatna ge, meni menikmati jeung langsung ngarti. Tapi inti na mah emang sih jodo teh jorok, teuing paribasa eta teh pas teu nya jeung urang, atawa mun jang urang mah pas na kulantaran teu memenangan jadi we nu aya di lebok hahaha....(seuri perih euy...). Tapi teu nanaon lah mun aya anu anggapan kitu nu pentingmah urang bersyukur Alhamdulillah menang jodo si Nuni oge. Meren iyeu ngarana takdir keur urang teh hehehehe....( tah mun iyeu seurina teu pati peurih)
Geus ah urang moal nulis panjang, urang nurutan tulisan si Budi, keun bae aya anu hareudang oge...tapi Bud urang mah di dieu mah teu hareudang euy malahmah dobel katirisan nana oge. katirisan lantaran winter keneh, jeung katirisan lantaran salimut hirup na can datang euy

sok ah prung teruskeun...

Ti anu Katirisan

Ngaranna Oge Jodo ...

Lur ...

Nu pertama ka impleng na pikiran pas maca posting nu judulna "GEUNING BEDA" ... kalimat "NGARANA OGE JODO" (jadi judul posting hehehe ..). Kulantaran geus dikersakeun kunu Kawasa ... nu beda teh jadi ngajodo. Teu bisa diembung2 jeung teu bisa dihayang2. Ari geus waktuna nya geuning tah aya hanceungan nana ...
Urang mah ngarasa yakin barudaks geus ngarasakeun jeung ngalaman.

Wins ... kumaha nt berjuangna hayang menangkeun si RINI ... putus nyambung jeung digantungkeun ... ari geus jodona ... kan ayeuna geus jadi indung budak anjeun. Si Juli ... ngudag2 si Meity ... ari teu jodo mah ... geuning ka batur we kawin na. Nt Bud! urang mah yakin si Silvy teh jodo nu teu disangka-sangka kan? Kitu oge urang, si Syarif , si Bocan, si Adit, si Andri ... jeung nu terakhir si AMAT ... kenal na oge karek ... eh geletuk jatukrami (kawin ...) kumaha we jalanna ...

Teu salah PATI, JODO, REJEKI ... eta mah ngan rahasia nu Tunggal.

Aya hikmahna hal2 eta dirahasiakeun ku Gusti.
Kahiji, sangkan urang waspada tur ati2 dina hirup. Teu suka2 dewek. Yen aya waktu nu mustari urang bakal MAOT ... coba bayangkeun lamun pas paeh teh urang keur nyeukeul botol ... lain botol AQUA tapi WHISKEY ... misalna. Meureun ... Su'ul khotimah ngaranna teh!

Kadua, sangkan urang teu putus asa ... da pasti rejeki & jodo aya lahanna masing2. Ceuk A Gym mah ... moal salah Alloh mah ... ari geus kuduna ... ya kitu we ... Kunfayakun ngaranna!

Katilu, sangkan urang teu petot2 usaha ... da pantona kaberhasilan teh ... urang daek usaha! Ikhtiar tea ngaranna ...

Tos ah sakitu heula engke dilanjut deui!

Mangga ...
From Batam with Love

Beda Geuning...

Mat....ari disidik-sidik dina foto kawinan nt, ternyata nt jeung pamajikan beda jangkungna nya....atawa pedah pamajikan nt make sapatu hak jadi katingalina pamajikan nt leuwih jangkung batan nt...? Tapi...punten yeuh...kamari basa barudak balik ti acara ijab kabul nt, aya isu nu beredar...cenah nt rada hese mun kudu nyium biwir pamajikan nt dalam posisi nt jeung pamajikan nangtung....(urang ge bebeja ti pa zae...)...komo mun kudu nyium jidatna nya mat....???
Tapi...pan aya pepatah bilang...duduk sama rendah...berdiri beda tinggi...artina...mun nt deuk nyium pamajikan alusna dalam posisi duduk atawa nu sajenisna...ner teu...
Tapi kondisi eta teu ngaganggu aktivitas nt keur nyieun budak pan....ngomong2...ayeuna pamajikan nt geus eusi can?....(kade tong nepi ka ngalahirkeun leuwih gancang batan tanggal nt kawin...komo ari budakna prematur tapi beuratna 4 kg)...

Mar 21, 2007

foto kawinan




yeuh sesuai permintaan barudak urang kirim foto2 kawinan urang....
Tapi lumayan lah keur ngabibita anu teu datang hehehehe...
Sorry no effense bisi aya anu hareudang...

Mar 13, 2007

Budak Ayeuna...

Poe minggu (11 Maret 07) kamari urang jeung budak nonton acara si bolang di TV7. Dina episode eta dicaritakeun kaulinan budak di daerah NTT (Nusa Tenggara Timur) anu masih keneh deukeut jeung alam, ulin dina lapangan jukut, ulin jeung kebo jsb.
Aya hiji hal anu nyeredet kana hate urang, kusabab budak urang sorangan ternyata ngarasa heran ningali kaulinan jiga kitu kusabab geus jarang pisan (mun teu daek disebut euweuh) papanggih dina poe ayeuna, padahal baheula mah eta teh kaulinan sapopoe bapakna.
Dina jaman ayeuna ulin bobolokot leutak dina sawah, ulin leuleumpangan ka gunung, maen bal di lapangan jukut, babakaran hui jeung sampeu peuting2 ternyata jadi hal anu mahal, kusabab geus hese manggihan tempat seperti kitu di lingkungan urang ayeuna. Mahal kusabab kegiatan kitu geus jadi produk jasa anu disebut "Outbound" tea. Loba budak TK jeung SD anu orang tua na kudu mayar mahal pikeun budakna bisa ngarasakeun kaulinan lewat acara Outbound tea.

Mar 8, 2007

Aya Naon sih dina Barudaks ?

Nya...ieu mah sabenerna urang keur diajar jeung naon nu ngarana "blog"...(bari sabenerna mah teu ngarti oge naon arti na blog teh...), sabab nu urang nyaho selama ieu lain "blog"...tapi "goblog"...he3x..eta salah sahiji kata nu geus mineng pisan dipake ku urang...(geus ti SD keneh...he3x). Mun baheula keur ngora keneh (ayeuna ge masih ngora sih...,ngan geus 30 tahun leuwih...),nya maksud urang basa keur sakola keneh, boh SD nepi keun ka SMA kata "go-blog" sok disambung jeung kata "anjing"...he3x, teuing kunaon tah... Mun barudak nu sakola di Bandung dan sekitarna, geus surti yen kata "Go-blog Anjing" teh kasar...jeung nu geus kabiasaan mah geus pasti teu ngeunah mun ngomong teu make kata-kata eta...asa jiga dahar bala-bala teu make cengek...he3x,ner teu...?
Nya....sakitu heula ah..urang deuk nyobaan posting...moga2 bisa...okeh...