Mar 23, 2007

Hartina Ngajodo

Ari pendapat urang mah kieu yeuh:

Dina kamus disebutkeun ari hartina NGAJODO teh yaeta rarabi (carogean atawa garwaan) atawa kawin jeung ...

Jadi bisa disebut nu ngarana JODO lamun eta lalaki/awewe geus sapuk dina hiji ikeutan pernikahan. Dina basa lain ari JODO nyaratkeun ayana perkawinan heula. Jadi lamun masih bobogohan keneh mah can bisa disebut NGAJODO, da boa teuing kawin na mah jeung batur.
Lamun kitu ... nu kawin jeung sababaraha istri (poligami tea) nya jodona ngungkung ka kabehanana lain kahiji pamajikan. Mun teu salah engke jaganing pageto ... di nagri kalanggengan, lamun salah saorang jeung pamajikan2na lolos ka surga ... nya nu jadi bidadari2 na teh pamajikan manehna waktu di dunya.

Saterusna, nu ngarana JODO mah langgeng sifatna nu teu langgeng mah jalmana. (Rada lieur nya ... he3x). Kulantaran JODO mah langgeng ... mangkana kudu bisa saling ngisi, saling ngarti, silih asih jeung asuh (jadi ingeut laguna Doel Sumbang "Pangandaran") dina wangun rumah tangga. Lamun geus kitu mah Insya Allah sanajan ka ombang ambing ku dodoja oge ... bakal langgeng ... nya NGAJODO tea.

Kitu tah!

Mangga ah ... bade sapuk atanapi nolak teu sawios2.

Wins,
Coba geura teangan situs2 bahasa Sunda:
siga
Jamparing Online http://lssitb.f2o.org/
http://www.sundanet.com/
http://urangsunda.net/


Sakitu we heula
Fr Batam w/ Love

No comments: