Judul di luhur urang tulis lain lantaran ngambek atawa illfeel...tapi urang mah kagum euy jeung bangga ka tulisan si kang Zae. Bener2 ternyata menang tapa di Batam rea pisan hahasilan nana. Beda euy ayeuna mah...Salain leuwih subur (maksud urang teh gendut jeung makmur...) ternyata lebih Wise (maksud urang teh naon nya poho deui...)
Tapi bener urang mah maca sakalimat sakalimatna ge, meni menikmati jeung langsung ngarti. Tapi inti na mah emang sih jodo teh jorok, teuing paribasa eta teh pas teu nya jeung urang, atawa mun jang urang mah pas na kulantaran teu memenangan jadi we nu aya di lebok hahaha....(seuri perih euy...). Tapi teu nanaon lah mun aya anu anggapan kitu nu pentingmah urang bersyukur Alhamdulillah menang jodo si Nuni oge. Meren iyeu ngarana takdir keur urang teh hehehehe....( tah mun iyeu seurina teu pati peurih)
Geus ah urang moal nulis panjang, urang nurutan tulisan si Budi, keun bae aya anu hareudang oge...tapi Bud urang mah di dieu mah teu hareudang euy malahmah dobel katirisan nana oge. katirisan lantaran winter keneh, jeung katirisan lantaran salimut hirup na can datang euy
sok ah prung teruskeun...
Ti anu Katirisan
Mar 22, 2007
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment