Mar 22, 2007

Ngaranna Oge Jodo ...

Lur ...

Nu pertama ka impleng na pikiran pas maca posting nu judulna "GEUNING BEDA" ... kalimat "NGARANA OGE JODO" (jadi judul posting hehehe ..). Kulantaran geus dikersakeun kunu Kawasa ... nu beda teh jadi ngajodo. Teu bisa diembung2 jeung teu bisa dihayang2. Ari geus waktuna nya geuning tah aya hanceungan nana ...
Urang mah ngarasa yakin barudaks geus ngarasakeun jeung ngalaman.

Wins ... kumaha nt berjuangna hayang menangkeun si RINI ... putus nyambung jeung digantungkeun ... ari geus jodona ... kan ayeuna geus jadi indung budak anjeun. Si Juli ... ngudag2 si Meity ... ari teu jodo mah ... geuning ka batur we kawin na. Nt Bud! urang mah yakin si Silvy teh jodo nu teu disangka-sangka kan? Kitu oge urang, si Syarif , si Bocan, si Adit, si Andri ... jeung nu terakhir si AMAT ... kenal na oge karek ... eh geletuk jatukrami (kawin ...) kumaha we jalanna ...

Teu salah PATI, JODO, REJEKI ... eta mah ngan rahasia nu Tunggal.

Aya hikmahna hal2 eta dirahasiakeun ku Gusti.
Kahiji, sangkan urang waspada tur ati2 dina hirup. Teu suka2 dewek. Yen aya waktu nu mustari urang bakal MAOT ... coba bayangkeun lamun pas paeh teh urang keur nyeukeul botol ... lain botol AQUA tapi WHISKEY ... misalna. Meureun ... Su'ul khotimah ngaranna teh!

Kadua, sangkan urang teu putus asa ... da pasti rejeki & jodo aya lahanna masing2. Ceuk A Gym mah ... moal salah Alloh mah ... ari geus kuduna ... ya kitu we ... Kunfayakun ngaranna!

Katilu, sangkan urang teu petot2 usaha ... da pantona kaberhasilan teh ... urang daek usaha! Ikhtiar tea ngaranna ...

Tos ah sakitu heula engke dilanjut deui!

Mangga ...
From Batam with Love

No comments: