Apr 20, 2007

Sedih

Maca tulisan ti Kang Zae nu terakhir, urang ngarasa sedih oge lamun dirasa-rasa mah. tapi lamun dipikir-pikir deui mah meureun jalan hirup urang2 teh kudu kitu meureun. trus mun geus kieu mah urang ngarasa "beruntung" geus sempet meakkeun waktu bareng-bareng selama di Cimahi, peurih jeung bungah geus kaasaan bareng2 walaupun loba peurihna. tapi peurih oge ari dirasa bareng-bareng mah "enjoy aja". jigana bungah oge lamun ngan karasa ku sorangan moal pati karasa meureun, meureun......

Kanggo Kang Zae, sing sabar we, ku urang didoakeun supaya aya rezekina, aya waktuna bisa leuwih sering ka "lembur" panineungan. Keun wae jauh oge asa hate jeung doa deukeut, walaupun deukeut tapi hate jeung doa jauh mah teu endah. tapi memang leuwih endah deui lamun awak, hate jeung doa deukeut.

Geus ah bisa kamalinaan.

salam

andri

Apr 2, 2007

Lembur Panineungan

Teu karasa ... geus 6.5 taun urang aya di pangumbaraan- Batam. Puguh kasono jeung kanineung ka lembur mah geus manggunung-gunung. Salain jarang balik ka Cimahi (satuan sakali oge bieung heunteu!!!), nu pasti mah kahayang jeung hareupan yen hiji waktu urang bisa neuteup deui di lembur bisa jadi kanyataan.

Dina jangka 6.5 taun loba pisan hal nu teu bisa kasakseni kudiri.
3 bulan pertama di Batam ... geus ditinggal maot Indung ... jeung hanjakalna urang teu bisa nungkulan waktu geuring neupi ka pupusna. Bisa datang teh ... peutingna saenggeus di kureubkeun. Sataun selang ... bibi nu nyusul ka alam kalangengan ... ngan Alhamdulillah bisa keuneuh nungkulan.

Acara kawinan adi, suan, nt2 lur (Bud, Win, Ndri, Jul, Rif, Can, Dith) ... urang teu bisa ngahadiran ... ngan acara akad jeung walimah si Amat ngungkul nu bisa datang teh. Kitu deui pas anak2 nt gubrak ka alam dunya ... urang teu bisa ngalongok! Acara nikah urang oge ... nya ... dilakonan ku sorangan da ... di Batam. Acara silaturahmi lebaran ... diinget inget mah ... ngan sakali dina 6.5 taun teh dirayakeun di Cimahi. Teu papanggih jeung barudaks deui ... beu!!!!

Du'akeun lur!
Aya rejeki urang bisa gawe di ditu .... lamun aya info mah diantos pisan!!!!

sim kuring nu nuju nineung
zae'