Apr 20, 2007

Sedih

Maca tulisan ti Kang Zae nu terakhir, urang ngarasa sedih oge lamun dirasa-rasa mah. tapi lamun dipikir-pikir deui mah meureun jalan hirup urang2 teh kudu kitu meureun. trus mun geus kieu mah urang ngarasa "beruntung" geus sempet meakkeun waktu bareng-bareng selama di Cimahi, peurih jeung bungah geus kaasaan bareng2 walaupun loba peurihna. tapi peurih oge ari dirasa bareng-bareng mah "enjoy aja". jigana bungah oge lamun ngan karasa ku sorangan moal pati karasa meureun, meureun......

Kanggo Kang Zae, sing sabar we, ku urang didoakeun supaya aya rezekina, aya waktuna bisa leuwih sering ka "lembur" panineungan. Keun wae jauh oge asa hate jeung doa deukeut, walaupun deukeut tapi hate jeung doa jauh mah teu endah. tapi memang leuwih endah deui lamun awak, hate jeung doa deukeut.

Geus ah bisa kamalinaan.

salam

andri

1 comment:

Anonymous said...

ngiringan ah....simkuring urang sunda oge niring calik sakeudapmah, mangga tuh ameungan ka palih kidul